
Udin ngarérétan ka sakuraling rohangan anu dékorasina méwah, terus Udin diuk dina korsi Diréktur bari langsung nyarita ka Susi,
"Kuring moal mineng datang kadieu, jadi sok pingpin ku anjeun sagalana. Jeung omat, ulah ngungkapkeun idéntitas kuring ka sasaha"
22Please respect copyright.PENANAvFibiGlMCT
Susi unggeuk, sabab sadar yén keur ukuran ningrat saperti Udin Subrata, Bima Raya Grup tangtu ngan ukur cabang usaha. Pasti Udin masih boga usahaan utama anu leuwih gedé deui ti Bima Raya. Jadi Susi bisa ngamaklum pisan lamun Udin moal hayang ngelola Bima Raya sacara langsung.
22Please respect copyright.PENANAbsh8skagNJ
Susi unggeuk,
"Mangga upami salira percanten mah, nanging upami kapayuna aya paréntah atanapi aya hal anu kirang panuju tina hasil padamelan abdi, ulah asa-asa nyarios"
22Please respect copyright.PENANAxmwrrhLPo6
Kadéngé panto aya anu ngetrokan ti luar, terus muka. Saurang sékrétaris manggut ka Susi terus nyarita tina lawang panto,
"Ibu Susi, Aya tamu. Jenenganna Ibro, saurna badé nepangan salira"
22Please respect copyright.PENANAjnZZyThA9A
"Oh, titah tungguan sakeudeung" ceuk Susi bari méré kodeu ku leungeunna sangkan sékretarisna nutupkeun deui panto.
22Please respect copyright.PENANAiolbBbcSjT
“Anjeung wawuh ka Ibro?” Udin nanya ka Susi bari kerung.
22Please respect copyright.PENANAVJjYEKkZ4f
"Kapungkur perusahaanna, Astina janten mitra Bima Raya, nanging parantos sababara kali kawon waé dina ténder, ahirna ngesub ka pemenang ténder" Susi ngajelaskeun.
22Please respect copyright.PENANAZONSM8sTov
Udin unggeuk terus nyarita,
"Tah mimiti ayeuna mah, Bima Raya ulah boga hubungan kerja sama nanaon deui jeung Astina. Saupama kanyahoan aya pemenang ténder danu ngasubkontrakkeun ka Astina. Langsung batalkeun kontrak!"
22Please respect copyright.PENANAmW0H1wT3CH
"Siap juragan" témbal Susi sanajan dina haténa mah reuwas jeung teu ngarti kana maksudna. Tapi Susi teu wani tumanya.
22Please respect copyright.PENANAycTwev8Hh6
Udin bilang dari mana,
"Ayeuna parentahkeun sékrétaris bieu. Tepikeun ka Ibro yén anjeun teu hayang panggih atawa kerjasama jeung perusahaan dan pingpinanna goréng ahlak, terus usir kaluar" ceuk Udin méré parentah ka Susi.
22Please respect copyright.PENANA195oDeBKYh
Susi unggeuk nurut, terus nelepon sekrétarisna anu aya di luar nepikeun anu bieu diparéntahkeun ku Udin. Diluar, Ibro jeung Unah keur dariuk menungguan di rohangan tunggu husus keur para tamu dirékrut atawa wakil diréktur. Duanana ngarepkeun Susi daék narima kadatanganna. Jadi pas sekrétaris datang nyampeurkeun, duanana langsung curinghak terus narangtung. Ngan teu disangka sékrétaris di kawal ku dua security, Ibro nanya,
“Kumaha, geus bisa kuring nepungan ibu Susi?”
22Please respect copyright.PENANAcrKJ92k4VI
Sekretaris itu aman di sini,
"Hampura, ibu Susi teu bisa narima anjeun. Ti mimiti ayeuna, anjeun teu meunang datang deui ka dieu, komo bari aya maksud hayang kerjasama. Bima Raya moal narima kerjasama dina rupa naon waé jeung perusahaan anu pingpinanna goréng ahlak siga anjeun. Jadi buburu kaluar!"
22Please respect copyright.PENANA91tOmFtFr7
"Naon?" Ibro molotot teu percaya kana dédéngéanna. Ibro keren bingung. Sabab ucapanna bet sarua jeung omongan Udin sawaktu masih di luar bieu.
22Please respect copyright.PENANAd2Jvdrdw28
Sekretaris memberi tahu kami,
"Ibu Susi juga nyaritakeun masalah kontrak, saupama aya perusahaan dan menawarkan proyek di Bima Raya ka perusahaan lain. Kontrak akan langsung diputuskan"
22Please respect copyright.PENANAJvl4p28Kig
Beungeut Ibro langsung pias, sabab beuki bingung kana maksudnya. Sedengkeun satengah panghasilan Astina karena ayana proyék ti Bima Raya. Kari-kari ayeuna rék di setop teu meunang ngesub deui. Tada teuing ayahna bakal ambek ka dirina. Ibro gogodeg sabab ngarasa teu tarima,
"Teu bisa. Kuring teu percaya éta omongan ibu Susi. Sabab kuring teu panggih langsung jeung ibu Susi, naha mémang paréntahna atawa ukur jijieunan anjeun?"
22Please respect copyright.PENANAm2o2RUwk1G
"Anjeun teu bisa nuduh kuring sangeunahna. Jadi nungguan naon deui? Buru kaluar!" Ceuk sékrétaris bari nunjuk koridor dan tidak ada lift.
22Please respect copyright.PENANA2MQFkO3Nrg
Ibro jelas ambek,
"Calukan ibu Susi ka dieu, kuring teu tarima!"
22Please respect copyright.PENANAQuzkLORAl6
Sékrétaris ngarérét ka dua security, terus méré parentah,
"Paksa duanana kaluar!"
22Please respect copyright.PENANAfzZ2WyJfp8
Dua security maju, Ibro jeung Unah langsung dicerek, leungeuna dipurilitkeun ka tukang terus di surungkeun dibawa asup kana lift.
22Please respect copyright.PENANAqSiVnE4Adg
Di jero angkat Ibro abrug-abrugan hayang ngaleupaskeun leungeunna bari nyorowok ka security,
"Aya naon ieu? Jelaskeun heula ka kuring. Anjeun nyaho saha kuring?"
22Please respect copyright.PENANABrHDq0W4KY
Gelepok! Ku keamanan pipi Ibro ditampiling,
"Gandéng! Katempo tina monitor CCTV dan kadieu bari nyieun masalah datang. Masih rék mungkir?"
22Please respect copyright.PENANA7yKSFBJTeR
Sanepina ka loby, Ibro jeung Unah langsung disurungkeun kaluar. Di luar Ibro buburu ngaluarkeun HP rék nelepon supirna sangkan mawa mobil ka loby. Tapi kaburu aya telepon asup ti ayahna nyaéta Salman Wijaya. Jadi buburu ku Ibro diangkat.
"Ibro! Bieu aya béja ti Bima Raya, cenah Astina di blokir akibat kasalahan anjeun, Aya naon?"
22Please respect copyright.PENANAwumB5tX9cx
Ibro némbalan,
“Kuring oge teu ngarti, sabab can panggih jeung ibu Susi, ngan ujug-ujug kuring di usir ku sékrétarisna”
22Please respect copyright.PENANAx5OVpvwnFZ
"Buru balik, jelaskeun ka aki manéh ayeuna kénéh!" Ceuk Salman.
22Please respect copyright.PENANAE9328y3Kgq
Ibro pias ngadéngéna. Telepon ditutup terus menerus, Ibro nungtun Unah nyampeurkeun mobil ka parkiran. Bari leumpang Ibro nanya ka Unah,
"Nah! Moal Kitu masalah ieu gara-gara si Udin? aya hubungan naon si Udin jeung Bima Raya?"
22Please respect copyright.PENANAvtIB5W6kmO
"Mustahil kang. Urang pan uninga sumpingna Udin kadieu nembé badé ngalamar padamelan" témbal unah.
22Please respect copyright.PENANAieh5QGiuRl
Ibro unggeuk, terus ngarames buukna sorangan bakat ku teu ngarti,
"Mémang mustahil. Tapi naha ucapan sékrétaris bieu bet sarua jeung anu diucapkeun ku si Udin. Majar urang goréng ahlak"
22Please respect copyright.PENANAjWSjZxdVLC
Unah nyarita,
"Pan nembé security ngajelaskeun. Uninga kalakuan akang tina rékaman SCTV. Sapertosna hal éta langsung dilaporkeun ka ibu Susi?"
22Please respect copyright.PENANA7YuhR6pnjL
Ibro kerung, ahirna nyarita deui,
"Oke. Ayeuna akang kudu buburu balik pikeun ngajelaskeunna ka aki" saterusna duanana arasup kana mobil.
22Please respect copyright.PENANAhn1VAyJz2Z
Béja diblokirna Astina ku Bima Raya langsung sumebar di kalangan pangusaha sa Bandung. Sanajan euweuh anu nyaho naon masalahna, tapi anu jelas pasti Astina geus ngajieun kasalahan gedé. Keur mah ahir-ahir ieu bisnis Astina turun terus, katambah ku kajadian poé ieu di blaclist ku Bima Raya. Pasti lila-lila Astina akan pareum sabab pasti perusahaan séjén dan moal daék kerjasama jeung Astina lamun teu hayang boga masalah jeung Bima Raya. Unah turunkeun ku Ibro di hareupen kantor Palapa, sedengkeun Ibro mah langsung balik ka kantor Astina.
22Please respect copyright.PENANAGnZT8xVtXv
Unah gura-giru asup ka rohangan diréktur Palapa nepungan Rukmini. Ngalaporkeun kajadian bieu di Bima Raya. Ngadéngé laporan ti Unah, Rukmini kacida ambekna karena tujuanna gagal. Rukmini kuciwa sabab Ibro boro-boro bisa ngawawuhkeun Unah anu ngawakilan Palapa ka ibu Susi, justru Astinana sorangan malah masuk blacklist.
22Please respect copyright.PENANAqml9A8jTA2
Udin anu masih kénéh aya di Bima Raya ngarasa panuju sabab Susi lancar dina ngajalankeun paréntahna saluyu jeung kahayangna tanpa méré nyaho yén Udin anu jadi panyabab utama tina kajadian bieu. Jadi Udin nyarita,
"Susi, anu dilakukeun ku anjeun hadé pisan. Ti mimiti bulan ieu, gajih anjeun ditaékeun 100% tina nilai gajih terahir anu geus katarima"
22Please respect copyright.PENANAgD2cTz9udv
Susi ngarénjag pacampur bungah, buburu Susi manggut ka Udin,
"haturnuhun juragan!"
22Please respect copyright.PENANA8JBVNsBRe9
“Tapi Kuring rék méré deui dua parentah” ceuk Udin deui.
22Please respect copyright.PENANASXJ8fM4G48
"Mangga sebatkeun juragan. Ku abdi pasti dipidamel" témbal Susi.
22Please respect copyright.PENANAkr4riRMju8
Udin tidak menjelaskannya,
"Umumkeun ka publik ngeunaan parobahan kapamilikan Bima Raya yén ayeuna kuring sabagé pamilik anyarna. Tapi ulah nyebutkeun ngaran Udin sacara jelas. Cukup disingkét jadi U. Subrata. Éta anu kahiji"
22Please respect copyright.PENANAsFLtVXHzEO
"Mangga juragan" Susi unggeuk bari gutret nulis dina buku agenda kerjana.
22Please respect copyright.PENANAo7VdKKieDo
Udin tidak punya teman,
"Anu kadua, umumkeun yén Bima Raya bakal ngainvéstasikeun dana 20 miliar dina tahap pertama pikeun ngamimitian ngawangun hotél béntang 6 di Bandung. Sakaligus muka ténder kerjasama di widang konstruksi jeung dékorasina anu open keur umum tanpa kualifikasi. Jadi perusahaan gedé atawa leutik bisa ngajukeun panawaranna"
22Please respect copyright.PENANAiM6AnrKqe3
"Mangga juragan" témbal Susi deui.
22Please respect copyright.PENANAKtesbWByBe
Bisnis utama Palapa mémang spésifikasina di widang interior jeung ékstérior. Sedengkeun Rukmini boga kahayang gedé bisa ngajalin kerjasama jeung Bima Raya. Tah ayeuna Bima Raya geus mutlak milik Udin. Matak ku Udin diatur hiji proyék anu bisa dipigawé ku Palapa, Ieu hiji jalan pikeun nulungan kasusah Icih.
22Please respect copyright.PENANAZQiDOymtZs
Dua berita anu dirilis ku Bima Raya langsung ngageunjleungkeun kalangan bisnis di Bandung. Kitu deui di Palapa, Harita Rukmini keur kerung mikiran kajadian di blacklistna Astina ku Bima Raya. Miturutna sigana diréktur anyar ieu mémang boga pangaruh gedé. Tapi saha ari U. Subrata teh? Asét Bima Raya dan bernilai ratusan miliar bisa kabeuli, sedengkeun jelema pangbeungharna sa Bandung ogé can tangtu mampu meuli. Ampir di tiap kantor perusahaan gedé atawa leutik, Bima Raya jadi bahan dialog. Pada kabongroy ku proyék hotél anu ténderna bakal diluncurkeun. Nyaéta 20 miliar.
22Please respect copyright.PENANAPiQuv0tK9U
Rukmini ogé sarua, kabayangkeun ku manéhna sabaraha kauntungan dan bakal ditarima ku Palapa lamun proyék yaitu beunang sanajan ukur dekorasi hungkul. Jadi Rukmini buburu kaluar ti rohanganna terus nyampeurkeun ka Icih anu keur ngadisain gambar dina komputer,
"Cih, tutup kantor, balikeun kabéh karyawan. terus béjaan kabéh anggota kulawarga Kusumah anu pakait jeung pagawéan Palapa sangkan daratang ka imah peting ieu. Nini rék ngayakeun rapat penting"
22Please respect copyright.PENANAGfTlVEks80
"Mangga ni" Itu tidak masuk akal.
22Please respect copyright.PENANAwoWM4CojXH
Peutingna di villa Kusumah. Kulantaran rapat kulawarga, jadi kabéh incu-incu Rukmini hadir. Kaasup Udin anu kudu maturan icih, bari sabenerna mah Udin haroréam datang sabab masih nyeri haté ku kajadian peuting mangkukna, jeung deui Udin geus bisa ngaduga naon anu bakal dibahas, pasti masalah proyék di Bima Raya. Ngan kusabab Icih maksa kudu maturan, nya ahirna Udin nurut.
22Please respect copyright.PENANAmgJnvvPzSg
Di rohangan rapat, kabéh geus nyampak. Pas nempo aya Udin asup, Dudung langsung ngomong,
"Ku eweuh kaéra ari sia din! Masih ingin datang kadieu?"
22Please respect copyright.PENANAxDWhPHydSA
Bubur yang ditampung di sini,
"Montong loba bacot, mémangna salah mun tétéh mawa salaki? Kang Udin ogé pan masih sarua kulawarga"
22Please respect copyright.PENANAoObxckYlZZ
"Tapi pan ukur minantu, euweuh hak aya dina rapat Palapa da si Udin mah karyawan lain Palapa" témbal Dudung.
22Please respect copyright.PENANARuh9qFRTed
"Ulah dilayanan nyi, sok diuk, urang déngékeun naon nu rék ditepikeun ku nini" ceuk Udin ka Icih bari ngagusur hiji korsi anu ngurilingan méja gedé sangkan icih diuk.
22Please respect copyright.PENANAjT7PBsR0pB
Lantaran nempo kabéh geus daratan, Rukmini anu diuk dina korsi utama nyarita,
"Geus sataun saprak almarhum kaserang stroke tepi ka kamari maot. Omsét Palapa turus terusan turun, malah sababaraha karyawan aya anu gus dieureunkeun karena teu ka gajih. Tunggakan injeuman ka sababaaraha bank ogé ampir teu kacicilan. Tah ayeuna aya kasempetan hadé pikeun malikeun kaayaan"
22Please respect copyright.PENANA3S7Dax1CrJ
Sakedapan Rukmini cicing bari matana nguriling mencrong ka kabéh anu hadir, bisi euweuh anu merhatikeun omonganna. Rukmini ngarénghap panjang. Terus nyarita deui,
"Ayeuna Bima Raya dina kapamimpinan pemilik anu anyar geus ngaluarkeun proyék perdana 20 miliar tanpa kualifikasi. Rék ngawangun hotél béntang 6 anu salah sahiji spésifikasina mémang cocok jeung pagawéan Palapa, nyaéta dékorasi. Hartina ieu pagawéan lila sarta bakal manjang, teu mustahil kahareupna bakal aya deui proyék-proyék séjéna. Saméméhna Palapa can kungsi hasil meunangkeun proyék langsung ti Bima Raya karena kualifikasi urang anu rendah. Urang ukur bisa ngesub ka Batur, tanpa kualifikasi migawé kabéhanana. Ayeua Nini rék nanya, Saha anu sanggup datang ka Bima Raya ngajukeun panawaranna? Teu kudu loba-loba, ménta 3 milyareun wéh"
22Please respect copyright.PENANAZQDWnnizZo
Kabéh anu hadir euweuh anu némbalan, malah silih rérét. Anu ngajadikeun Rukmini ambek ,
"Naha bet ngajaredog! Anu mampu sarta bisa meunang ténderna, bakal jadi pamingpin di Palapa. Lain ukur pamingpin proyékna"
22Please respect copyright.PENANAUVKEHTinnJ
Kabéh anu hadir colohok reuwas, sabab karék ayeuna kadéngé Rukmini ngajangjikeun hal gedé, wani narohkeun korsi diréktur demi proyék. Sabab salila Wawan Kusumah gering ogé, Rukmini can kungsi daék mercayakeun kapamingpinan ka sasaha. Kabéh kudu ku manéhna. Tapi ayeuna dirina sadia mundur demi proyék. Jelas sekali proyék ieu dianggap penting pisan ku Rukmini. Rukmini sadar, mungkin bisa meunangkeun proyék di Bima Raya, sanajan dirina anu maju ogé can tangtu bisa. Matak jabatan diréktur pamikirna pantes dihadiahkeun pikeun anu sanggup.
22Please respect copyright.PENANA0sVtPc8w0a
Sakedapan rohangan ngadadak simpé, kabéh katembong kerung mikir. Kecuai Udin, Udin mah ukur ngaregepkeun bari dina haténa mah nyalakatak seuri.
22Please respect copyright.PENANA48fDlbcyVr
Sabab euweuh anu némbalan, Rukmini ngagebrag méja,
"Jadi kumaha? Kunaon ngabaretem?"
22Please respect copyright.PENANAuq6judpKNr
Kabéh langsung murungkut sieun. Saenggeus ngarérétan beungeut incuna hiji-hiji, Rukmini ahirna melong ka Dudung,
"Dung, mana sanggup?"
22Please respect copyright.PENANAEcBZB3BVeX
“Bujeng-bujeng abdi ni, Ceu Unah sareng kang Ibro ogé nyobian sumping ka Bima Raya malah diusir, komo abdi” Ceuk Dudung.
22Please respect copyright.PENANAL4SL3xAbYW
"Dasar incu euweuh guna, can try geus nyerah. Hirup ukur jadi beban kulawarga kawas si Udin waé" ceuk Rukmini bari ngadilak ceuceub ka Udin.
22Please respect copyright.PENANAKjanRaff46
Rukmini jelas kuciwa, harepan Rukmini ka Dudung sabenerna gedé. Sabab salian sarjana ekonomi, Dudung ogé incu lalaki hiji-hijina. Pantes pisan lamun kahareupna Dudung anu mingpin Palapa. Tapi harepana ngadadak laas ku jawaban Dudung anu pesimis, ahirna Rukmini ngadayagdag nyarandé dina korsina bari mikir tarik.
22Please respect copyright.PENANA5CIAdPEPRv
"Kumaha nu séjén? Sarua nolak?" Rukmini nanya ka sararea.
22Please respect copyright.PENANAEkxcf7zIyg
Udin nyiku Icih, bari ngomong lalaunan,
"Sanggupanku nyai"
22Please respect copyright.PENANARgIt6XEprx
"Alim kang, moal ogé dipaliré perusahaan alit kieu mah" témbal Icih ngarasa leutik haté.
22Please respect copyright.PENANAl1AkuvgKnV
"Ulah ngéok méméh dipacok, sok cokot. Akang percaya, lamun nyai anu maju. Pasti hasil" ceuk Udin nyumangetan.
22Please respect copyright.PENANA0V8Js2nq5Y
“Akang yakin?” Ceuk Icih bari mencrong beungeut Udin.
22Please respect copyright.PENANAk45M1BPpWr
Udin unggeuk,
“Yakin, sabab nyai can aya codéka jeung Bima Raya, jeung akang nyaho kamampuan nyai leuwih punjul tibatan anu séjén”
22Please respect copyright.PENANAkbmR8cSF7J
Sanajan asa-asa, Icih ahirna ngacungkeun leungeunna nyanggupan,
"Tidak, abdi sudah melakukannya"
22Please respect copyright.PENANAiAa52Hhy9c
Ngadéngé icih nyanggupan, kabéh colohok bengong bari melong ka Icih anu masih kénéh ngacung. Dudung nyarita sinis,
"Sugan gélo, ieu masalah serieus lain keur coba-coba, tarohana masa depan Palapa jeung panghasilan urang sararéa. Saeutik kasalahan, Palapa bisa tutup salilana"
22Please respect copyright.PENANA5cFmHjNn8U
Disambungkan ke Unah,
"Enya téh, anjeun kuduna sadar diri, Saha anjeun? Saha Palapa? Jeung perusahaan kumaha nu rék didatangan? Bima Raya lain ukuran urang-urang. Ulah ngérakeun"
22Please respect copyright.PENANAC627v6X96Z
Icih diuk, beungeutna langsung bareureum kuntaran éra, mémang salila ieu Icih ngarasa kurung batok, sabab di Palapa ogé ukur jadi bagian desain grafis, samasakali tara kaluar nguruskeun anu pakait jeung perusahaan séjén. Sedengkeun Unah, geus leuwih pangalaman dina widang marketing jeung operasional, leuwih jago ngalobi tibatan dirina.
22Please respect copyright.PENANAggZwz6Rzyh
Gantawang téh Rukmini nyarékan Unah jeung Dudung,
"Tadi ditanya euweuh anu narémbalan, hartina aranjeun teu sanggup. Ayeuna aya anu nyanggupan lain didukung malah dijejeléh. Kahayang saria naon?"
22Please respect copyright.PENANAPvbou6Mie0
Sanajan Rukmini dan rada rempan, jeung mémang geus ngarasa ngéwa ka Icih saprak nolak kahayangna pikeun nyeréikeun Udin. Tapi ayeuna ngan ukur Icih anu nganyatakeun sanggup narima tugas. Jadi Rukmini nyarita deui,
"Ulah loba omong deui, sararéa kudu gerak. peuting ieu kénéh bantuan icih, siapkeun kabéh berkas, data-data Palapa, rekening koran jeung sajabana anu dibutuhkeun. Ulah aya nu ngajedog! Keun Icih isukan anu bakal mawana ka Bima Raya!"
22Please respect copyright.PENANA04pagLkrPa
“Teu kedah salempang ni, énjing ku abdi dibantun ka Bima Raya” Ceuk icih.
22Please respect copyright.PENANAwAraZ0Wfku
Ngan Dudung nangtung,
"Mun yakin bisa mah sok pigawé berkas-berkasna ku sorangan, teu kudu ngalibatkeun kuring. Teu sudi kuring kudu mantuan!"
22Please respect copyright.PENANAjQNbD4aA02
Teu kuat nempo pamajikanna sababaraha kali dihina jeung disapélékeun, Udin ogé nangtung bari molotot ka Dudung,
"Maksud anjeun naon? Ieu karék usaha dan bisa dijalanan. Hasilnya bisa katempo. Tapi manéh kawas anu geus yakin akan gagal?"
22Please respect copyright.PENANA8JFOtKobhv
Dudung teu nyaangka Udin bakal milu ngomong. Jadi dudung nyarita,
"Lain kitu, ngan teu yakin kita Icih bakal hasil"
22Please respect copyright.PENANADzJcHGVtQx
"Kumaha lamun hasil? Daék tarohan?" Ceuk Udin nangtang.
22Please respect copyright.PENANAVqP2NAos2P
"Sok. Tarohan naon?" Temba Dudung.
22Please respect copyright.PENANALlBFf4mkcG
Nyambung....
ns216.73.216.131da2